" sasakala situ patenggang "
1.
Idéntetas Buku :
1.
Judul : Sasakala Situ Patengan
2. Pangarang : Aan Merdeka Permana
3. Pamedal : Ujung Galuh Nyitak Ngawates
4. Citakan : 1, Bandung 2009
5. Kandel : 27 kaca
2. Pangarang : Aan Merdeka Permana
3. Pamedal : Ujung Galuh Nyitak Ngawates
4. Citakan : 1, Bandung 2009
5. Kandel : 27 kaca
2.
Ringkesan Isi Buku
Aya nu ngalandi Situ Paténggang, da meureun asa genah kitu kadéngéna. Padahal
cenah anu aslina mah katelahna “Paténgan”, tina asal kecap “patéang-téangan”.
Tapi deuih aya kaol séjén anu nyebutkeun yén kecap “patéénggang” ogé bisa jadi
bener, sabab baheula dina abad 13, nyaeta dina jaman Karajaan Sunda, iyeu situ
téh katelahna Maha Ganggeng Panenggang, atawa lamun di tarajamahkeun
sajalantrahna mah hartina tempat anu nenggang tapi kaawaskeun atawa
kabireunggeuh ti ditu ti dieu. Panenggang oge harti “tapel-wates”, saba hartina
dina jaman Karajaan Sunda, ieu situ jadi tapel-wates antara Karajaan Sunda
Kulon jeung Karajaan Sunda Wétan.Situ Paténggang, mimiti dipaké tempat dumuk ti
abad 7 kénéh, nyaéta sawaktu ieu talaga kaéréh ka Karajaan Tarumanegara. Harita
katelahna Talaga Catri Pamulang, hartina talaga anu baranang ku béntang.Dina
iyeu buku versi séjén ngeunaan sasakala Situ Paténggang, nya rék nyaritakeun jaman
abad 7 téa.Situ Paténggang dina jaman Belanda, geus biasa dipaké tempat niisna
para pangagung Belanda. Tuan Kontrak Entéh geus biasa ngaheunang-ngaheuning,
selang-selang dina kasibukan gawé.Kiwari Situ Paténggang beuki haneuteun dipaké
objék wisata anu loba didareugdegu timana-mendi. Saban poéperé jalma teu weléh
ngadeugdeug. Keur mah di sabudeureunana loba tempatpiknik.
Sajarah
mangrupakeun fakta atawa hiji hal nu bisa dibuktikeun dina fakta. Saurang
sajarawan daék teu daék kudu kaugeur ku fakta-fakta nu aya. Manéhna teu bébas
ngagarap fakta-fakta sajarah nu geus nyampak. Tapi, teu kitu pikeun pangarang
novel. Manéhna lewih bébas nyiptakeun carita sorangan. Aan Merdeka Permana dina
novel mungguranana ieu nyoba-nyoba ngangkat fakta-fakta sajarah Sasakala candi
di Bojongemas kana novelna ieu. Tokoh-tokoh sajarah saperti Nyai Dewi Permata
Sari anu ngokolakeun Candi Purna Hyang. Aya ogé Prabu Ningrat Kancana di
barengan ku Aki Réog Cakentring nu jadi rajana di karajaan Galuh. Saréng
Pangéran Barata Yudha anu ngakuna mah masih kénéh turunan salah sahiji
karajaan Tarumanegara.
Tina segi
plot, ieu novel dipedar kalawan hadé. Katangar yén ieu novel téh di garap
kalawan ngagunakeun hasil risét nu cukup léngkep. Hal iyeu bisa di buktikeun
tina gambaran kaayaan sasakala Bojongemas nu jadi klimaks carita. Bagéan ieu
ragot pisan jeung teu pikaboseneun. Gambaran karajaan Galuh, Tarumanegara di
caritakeun kalawan jéntré. Nu macana saolah-olah di ajak nyaksian langsung kana
kajadian nu pernah lumangsung di éta tempat. Ieu novel, ogé méré pamahaman nu
leuwih jeulas kana sosok tokoh Nyai Dewi Permata Sari patlina jeung sasakala
Bojongemas.
Sabagé
novel sajarah sabenerna ieu novel bisa dijadikeun média pikeun ngangkat budaya
sunda jeung karajaan Tarumanegara. Hanjakalna pasualan éta teu bisakapedar
kalawan hadé. Kurangna ngenaan gambaran sosial masarakat Sunda jeung
Tarumanegara ngajadikeun iyeu novel leuwih beristana-sentris kusabab loba
teuing nyaritakeun kahirupan istana Sunda jeung Tarumanegara. Lamun waé
unsur-unsur sosial jeung budaya masyarakat Sunda jeung Tarumanegara kaungkab
sacara lengkep., ieu novel bisa novel nju euyeub nu bakal nambah wawasan nu
macana.
Leupas
tina kakurangan-kakurangan nu disebutkeun di luhur, novelmunggaran Aan Merdeka
Permana ieu menang penghargaan. Masing kumaha ogé ieu novel ngungkab fakta
sajarah anu mungkin waé geus kapopohokeun. Kajadian nu di angkat dina iyeu
novel bisa jadi ayana ngan dina buku-buku pangajaran sajarah wungkul. Tapi ku
ayana iyeu novel, éta kajadian jadi karasa mangkukna kénéh tur miboga daya
pamikat nu saéstuna dipikanineung ku sakumna orang Sunda.
”
Sasakala Bojongemas”
Judul
: Sasakala Bojongemas
Pangarang : Aan Merdeka Permana
Pamedal ` : Ujung Galuh
Citakan
: 1, 2009
Kandel :
48 kaca
Candi Bojongemas téh, pernahna
sisieun Citarum, di wewengkon Désa Bojongemas, Kecamatan Solokanjeruk,
Kabupatén Bandung. Bahula mah disebutna Candi Purna Hyang. Baheulana, nyaéta
teupikeun ka taun 1950-an masih mangrupa. Ngan ayeuna, ukur gundukan batu. Teu
kapiara. Ceunah dina taun-taun harita, dicokotan, diamankeun dibawa ka tempat
séjén. Aya anu diteundeun di museum. Aya anu di bawa ka imah pribadi. Sacara
resmi acan ka catet kumaha sajarahna. Tapi ari béja anupatatalépa mah aya. Mun
mah ayeuna ngajengléng jadi tulisan, nya ladang béja nu dibéjakeun deui.
Sajarah mangrupakeun fakta
atawa hiji hal nu bisa dibuktikeun dina fakta. Saurang sajarawan daék teu daék
kudu kaugeur ku fakta-fakta nu aya. Manéhna teu bébas ngagarap fakta-fakta
sajarah nu geus nyampak. Tapi, teu kitu pikeun pangarang novel. Manéhna lewih
bébas nyiptakeun carita sorangan. Aan Merdeka Permana dina novel mungguranana
ieu nyoba-nyoba ngangkat fakta-fakta sajarah Sasakala candi di Bojongemas kana
novelna ieu. Tokoh-tokoh sajarah saperti Nyai Dewi Permata Sari anu ngokolakeun
Candi Purna Hyang. Aya ogé Prabu Ningrat Kancana di barengan ku Aki Réog
Cakentring nu jadi rajana di karajaan Galuh. Saréng Pangéran Barata Yudha anu
ngakuna mah masih kénéh turunan salah sahiji karajaan Tarumanegara.
Tina segi plot, ieu novel
dipedar kalawan hadé. Katangar yén ieu novel téh di garap kalawan ngagunakeun
hasil risét nu cukup léngkep. Hal iyeu bisa di buktikeun tina gambaran kaayaan
sasakala Bojongemas nu jadi klimaks carita. Bagéan ieu ragot pisan jeung teu
pikaboseneun. Gambaran karajaan Galuh, Tarumanegara di caritakeun kalawan
jéntré. Nu macana saolah-olah di ajak nyaksian langsung kana kajadian nu pernah
lumangsung di éta tempat. Ieu novel, ogé méré pamahaman nu leuwih jeulas kana
sosok tokoh Nyai Dewi Permata Sari patlina jeung sasakala Bojongemas.
Sabagé novel sajarah sabenerna
ieu novel bisa dijadikeun média pikeun ngangkat budaya sunda jeung karajaan
Tarumanegara. Hanjakalna pasualan éta teu bisakapedar kalawan hadé. Kurangna
ngenaan gambaran sosial masarakat Sunda jeung Tarumanegara ngajadikeun iyeu
novel leuwih beristana-sentris kusabab loba teuing nyaritakeun kahirupan istana
Sunda jeung Tarumanegara. Lamun waé unsur-unsur sosial jeung budaya masyarakat
Sunda jeung Tarumanegara kaungkab sacara lengkep., ieu novel bisa novel nju
euyeub nu bakal nambah wawasan nu macana.
Leupas tina
kakurangan-kakurangan nu disebutkeun di luhur, novelmunggaran Aan Merdeka
Permana ieu menang penghargaan. Masing kumaha ogé ieu novel ngungkab fakta
sajarah anu mungkin waé geus kapopohokeun. Kajadian nu di angkat dina iyeu
novel bisa jadi ayana ngan dina buku-buku pangajaran sajarah wungkul. Tapi ku
ayana iyeu novel, éta kajadian jadi karasa mangkukna kénéh tur miboga daya
pamikat nu saéstuna dipikanineung ku sakumna orang Sunda.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar